Kamis, 02 Juni 2011

KUMPULAN SAJAK SUNDA

Sajak Sunda umurna teh geus leuwih ti satengah abad. Kitu sotenan lamun diukur ti mimiti Kis Ws nulis sajak, dituturkeun ku KTS (Kadir Tisna Sudjana), ditema ku “Polemik” ngeunaan hak hirup sajak, sarta nepi ka baranahan tug nepi ka kiwari. Mapay lalakon nu sakitu panjangna teh, tangtu we urang bakal panggih jeung patok-patok anu kawilang tingjalegir, kayaning: Kis Ws, Sayudi, Ayip Rosidi, Surachman RM, Wahyu Wibisana, Rachmat M.Sas Karana, Usep Romli, tug nepi ka Godi Suwarna.
Panjang pisan mun ditataan hiji-hiji teh. Tapi cindekna mah eces pisan: sanajan harita kungsi dianggap banda deungeun-deungeun, tapi sajak angger dipikabeuki jeung dipikaresep. Sarta anu leuwih penting ti eta, tetep dianggap hiji wangun ekspresi pikeun ngagelarkeun sastra.
Nyutat tina sabagean eusi Buku Saratus Sajak Sunda, kenging ngempelkeun Abdullah Mustappa anu diterbitkeun ku CV Geger Sunten Bandung, mangrupi pedaran anu munggaran dina Rohangan Wangun Sajak.
Boh bilih baraya Kisunda aya nu hoyong ngadeudeul dina Rohangan Sajak ieu, tiasa ngintunkeun sajakna anu daria ngalangkungan email: admin@sundanet.com.
TUKEURAN IEU SAJAK
Tukeuran ieu sajak

Ku salambar simbut atawa samak saheulay

Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay

Pating golepak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak

Heug sidkahkeun kanu haropak

Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak

Ku sababaraha siki pelor

Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator

Sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak

Ku beubeutian tina kalbu anu rido

Keur nyebor anu balangsak

(Lamun teu kitu sasaak)
(Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966)
WASIAT KONGLOMERAT
Lamun Apih paeh

pangbungkuskeun ku salambar boeh

ladang ngeleketek

tina rupa-rupa proyek
Lamun Apih nemahan pati

pangmesenkeun padung jati

ladang ngumpulkeun komisi

jeung rupa-rupa korupsi
Kontrak-kontrak nucan diteken

Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun

awurkeun luhureun paesan

na tetengger heug tulisan

: parantos mulang ka kalanggengan

Apih, konglomerat tuladan
(Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)
PANGBALIKAN
Iuh, iuh gunung kuring

angin ulin dina embun-embunan

sawaktu-waktu kuring kudu nepungan

dumeh hirup halabhab cinta

di maranehna nya ayana
Aya sababna kuring tibelat

aya sababna kuring pegat

tapi nu ahir lain kaabadian

kakasih dina hate ngawih deui
Iuh,iuh gunung kuring

nyata, nyata tanda-tanda

ngabalungbung jalan hirup

nepi ka nyawa rek asup

ka maranehna kuring rek balik

ka maranehna kuring rek pamit
(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)
LEUWI
sora nu tinggerendeng

teu weleh saheng

di leuwi aing
laut nu tan istirah

teu weleh motah

di leuwi aing
di leuwi aing

sagala teu weleh betah

sagala teu weleh motah
(Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217)
LALAKON I
Mangsa budak resep ulin

ngarucu bulan

mangsa rumaja resep wanoja

ngumbar asmara

nincak sawawa narik jangkar

ngambah sagara

geus kolot mah kari tapakur

isuk sore ngitung

umur!
(Hadi AKS, Tina Galura No.39)
LAGU HIRUP
Unggal poe unggal lengkah

nataan tanggal dina kalender

angger aya nu diarep-arep

ari umur melesat henteu kajeueung
Dina beja dina carita

teu weleh aya nu miheulaan

warna-warni kajadian. Teu kapireng

da puguh katalimbeng rusiah
Dina sakeclak cimata. Aya kasedih

nu teu kedal. Dina kongkolak

kahirupan. Aya nu miang

teu mulang deui
(Eddy D. Iskandar, 1992)
BONGAN KITU
Bongan kitu disebutna, puguh mega

dipapay di awang-awang: cek aing angin
bongan kitu karasana, nyerina raheut

tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi
bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina

ditepungan unggal wayah: cek aing werejit
bongan kitu pandena, nyarita sorangan

ditataan di rs jiwa: cek aing eling
bongan kitu ayana, beda jeung nu lian

diguliksek dina kamus: cek aing ibadah
bongan kitu itunganana: Gusti
(Juniarso Ridwan, 1992)
PADUNGDUNG DANGDUT
“Hidup! Hidup! Hidup!” cek peureup mani baruleud ngahaja nonjokkan

angin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin teh tibuburanjat nyusul

manuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan. Barengong

angin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup tinggorowok

nyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong rerenjagan tuluy

kabur sakur pangacianana. “Hidup aing! Hidup aing! Hidup aing!”

cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tina

sela-sela ramo. Ngadegdeg angin jeung manuk nenjo beurang beuki

soak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoe ngagilerkeun

cahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu “Aing ge hidup!

Aing ge hidup! Aing ge hidup!” cek peureup nu karek cunduk sarta

teu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuh

peureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebela

Peureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nu

patonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang geheng. Getih

peureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting,

disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun

tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngeleketek.
(Godi Suwarna, Kotakidul, 92, Galura No.16)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar